Beurit Pinter


Beurit Pinter

Aya beurit sajodo ngaliang dina sisi darmaga, deukeut lembur.
Dina hiji mangsa sanggeus rumpak jami, eta dua beurit lahlahan arasup ka hiji imah, arek nareangan hakaneun. Di sawah mah geus euweuh pisan pupurianeun. Kabeneran dina pabetekan handapeun pago, beh maranehna manggih endog hayam hiji. Atuh teu kira-kira aratoheunana. Karepna arek dipeupeuskeun di dina bae, rek tuluy diharakan. Tapi teu tulus, lantaran teu kaur balas ngarenjag, rareuwaseun ngadenge anu leumpang atawa nu ngaromong.

Ceuk beurit jalu, "Beu, heunteu kaya kieu mah, balik nyamos urang ieuh. Hayu geuwat urang peupeuskeun bae ayeuna mah, montong sieun-sieun!"
Sabot kitu, geblig, geblig, aya nu leumpang. Buru-buru maranehna nyarumput.
Barang jelema anu gegebligan geus teu aya, tuluy eta beurit-beurit teh kalaluar tina panyumputanana.
Ceuk anu jalu, "Geuwat urang peupeuskeun!"
Tembal nu bikang, "Enya, tapi kumaha mun kakara pre geus kapanggih ku jelema? Endog lapur, urang digebug. Ari hadena mah mending urang bawa bae, ulah dihakan di dieu."
Omong nu jalu, "Atuh ari jol jelema mah, ngageuwat urang lalumpat. Ulah nyebakeun maneh!"
Tembal nu bikang, "Teu, kuring mah teu mupakat dihakan di dieu, moal jongjong. Mending dibawa bae!"
Cek beurit jalu, "Mending dihakan di dieu, mun aya jelema ngageuwat urang lumpat!"
Tembal beurit bikang, "Heueuh, urang bisa gancang lumpat, ari endog mah tangtu moal kapuluk. Nu matak, mending dibawa!"
Ceuk nu jalu, "Heueuh, mending dibawa, nya! Tapi kumaha mawana?"
Duanana ting haruleung malikiran kumaha akalna.
"Aaah, aing manggih akal!" cek beurit jalu bari emprak.
"Cing, cing kumaha?" cek beurit bikang panasaraneun pisan.
Cek nu bikang, "Tah, enya bae mending kitu. Pek atuh geura ranggeum endogna, tuluy nangkarak. Mangkade ulah tarik teuing, bisi peupeus. Sok atuh buru-buru, ku kuring rek digusur!"
Keur kitu kadenge nu boga imah ngomong ka anakna, "Nyai, cokot uyah dina pago. Ieu angeun teh tiis kurang uyah!"
Gancang beurit teh lalumpatan, nyarumput mani ngaharephep. Jol Si Nyai nyokot uyah tina pago, tuly asup deui ka jero.
Buru-buru beurit-beurit teh maruru deui endog tea, tuluy ku nu jalu ditangkeup bari nangkarak. Gep buntutna digegel ku si bikang, tuluy digusur lalaunan. Lila-lia nepi oge kana liangna.
Ti dinya endog teh dipurak bari arandekak, tingsuruput mani nari'mateun pisan.

sumber: Ki Umbara, 1983, Torotot Heong, Bandung: Rachmat Cijulang

Nah... untuk temen-temen apabila mempunyai cerita pendek berbahasa sunda, admin menerima dengan senang hati dan bisa dikirim ke pkbmcibanggala@yahoo.com.
terima kasih... hatur nuhun pisan...

Komentar

Posting Komentar

Bagi Kawan-Kawan Mohon untuk tidak memberikan Komentar SPAM, hal ini untuk kita bisa saling menghargai....
Untuk Sementara waktu admin akan memakai moderasi komentar