Hayam jeung Meri


Hayam jeung Meri

Aya hiji hayam kokoreh di sisi balong, papanggih jeung hiji meri anu keur teuteuleuman neangan kahakanan. Hayam teh ngomong ka meri, "Ieuh sobat, kamari kuring hiber rek ngaliwatan balong ieu, tapi ku lega-legana ieu balong, kuring heunteu bisa nepi. Gebrus bae ragrag ka cai, datang ka meh tilelep. Bulu kuring rancunut. Hadena bae datang sato leungeun dua, nu ngahanjatkeun kuring. Tapi kuring heran kacida, ku naon nu matak bulu sampean mah tara baseuh, sakitu sok dicai bae teh? Jeung, sampean mah tara tilelep!"

Jawab meri, "Nu Matak bulu kuring tara baseuh, jeung kuring tara tilelep, lantaran bulu kuring kacida kandelna, sarta leuwih lembut jeung rekep ti batan bulu sampean. Turug-turug kuring mah boga minyak dina tungir, pikeun ngalesangkeun bulu supaya ulah tembus cai. Lian ti eta, suku kuring beunang dipake pangboseh, sabab anatara ramo jeung ramo aya kulit ipis."

Ceuk hayam, "Euh, paingan atuh ari kitu mah, nya aneh kacida. Tapi, naon sababna nu matak sampean tara anakan? Naha heunteu diajar nyileungleum ku indung sampean? Jeung, ku saha sampaean nya dipegarkeun?"

Jawab meri,"Ah, teu nyaho ku saha, poho deui. Sanggeuk bae ongkoh nyileungleum teh, kesel! Turug-turug engkena kudu ngasuh anak. Anggursi ngojay bae, resep!"

Ceuk hayam, "Enya, ari kesel tea mah nyileungleum teh, nepi ka salikur poe lilana. Tapi dimana geus megar, resep ulin jeung anak. Upadi lamun dicalukan.... ricit karumpul kabeh. Ari geus burit, hees haneut ngeukeupan barudak nepi ka subuh. Mun geus caang, tuluy bijil ti kandang, rek neangan kahakanan diiring-iring ku anak. Resep teh! Kitu bae unggal poe, nepi ka galede anak teh. Engke kira-kira geus tilu atawa opat bulan, kakara disapih anak teh. Ari geu kitu, urang teh ngendog deui.

Ari sampean mah heunteu resep cara kuring, atawa bawaning ngedul? keun bae atuh endog sampean ku kuring disileungleumman!"

Meri teh teu ngomong deui, tayohna mah eraeun.


sumber: Ki Umbara, 1982, Torotot Heong, Bandung: Rahmat Cijulang

Komentar