Kadal


kadal jadi raja

Aya kadal gawena ngan huleng jentul bae, aral subaha heunteu tumarima kana kadar.
Ku tina nalangsana, tuluy manehna tapa. Panteng neneda ka Nu Kawasa hayang jadi manusa, sangkan hirupna lugina.
Panedana dikabul, jleg bae kadal teh jadi manusa. Atuh kacida atoheunana. Tuluy imah-imah nurutan batur.
Tacan sabaraha lilana jadi manusa, geus ngarasula deui. Da eta cenah sok dikuah-kieuh ku Pa Kuwu.
Ku sabab manehna teu tumarima jadi somah, tuluy tapa deui hayang jadi Kuwu. Panedana ku Nu Kawasa dikabul deui. Manehna kapilih jadi Kuwu di hiji desa.
Teu mangkuk sabaraha bulan, manehna geus aral deui bae.
Ngarasa teu senang, pedah sok digetrik-getrik jeung diparentah ku Pa Camat.
Adat eta Sakadang Kadal teh ngan kitu jeung kitu bae, narah pinanggih jeung susah. Gawena sakeudeung-sakeudeung tapa, sakeudeung-sakeudeung tapa, neneda supaya naej pangkat anu leuwih luhur, dan nya eta senang bae tea.
Pamentana dikabul-dikabul bae, nepi ka bisa jadi Sultan.
Sultan anyar teh ngarasa lugina manahna, da teu aya nu wani ngagetrik-getrik. Atuh rahayatna dikitu-dikieu teh narurut bae. Estu senag hirupna teh bisa sakama-kama jeung sawenang-wenang.
Hiji poe Sultan teh kacida kageteunana, lantaran ngadangu sora karalang-kurulung. Anjeuna mariksa ka Patih, “Patih, naon eta karalang-kurulung teh?”
Walon Patih, “Soanten kohkol di Masjid, nun!”
Saur Sultan, “Sora Kohkol ?”
“Sumuhun, ngawartosan ka sadaya umat Islam kedah saralat Lohor,” Walon patih.
“kami oge kudu salat deuih?”
“kantenan. Sumawonten nu jadi Sultan mah, margi sajabi ti kedah ngolah nagara, Sultan teh kapala agama deuih! Hartosna anu wajib nyontoan sareng nungtun sadaya umat Islam, supados tara’at kana agamana.
“Saha jelemana anu kumawani nakol kohkol ngaluhuran kami, Patih?”
“Sumuhan pun Merebot, nun!”
Sultan sasauran salebeting manahna, “Ana kitu, masih aya keneh bae abu kudu dikawulaan ku aing teh. Tetela pangkat Merebot teh, saluhureun pangkat Sultan.”
Ti dinya Sultan teh tapa deui, neneda ka Nu Kawasa palay jadi .... Merebot. Panedana heunteu dikabul jadi Merebot, tapi keresek teh jadi .... kadal deui. Tereleng bae lumpat ka nu bala!

Sumber: Ki Umbara, 1983, Torotot Heong, Bandung: Rahmat Cijulang

Komentar

  1. Terima kasih telah bergabung, kami akan selalu mengunjungi blog ini jika link sudah dimasukkan di http://blog.buka-a.biz agar mudah di klik
    nanti member juga bisa diminta bantu untuk kunjungi blog ini untuk menaikkan trafic blog ini. sukses selalu. selalu mampir di forum ya agar blognya akan selalu dikunjungi lebih banyak lagi

    BalasHapus

Posting Komentar

Bagi Kawan-Kawan Mohon untuk tidak memberikan Komentar SPAM, hal ini untuk kita bisa saling menghargai....
Untuk Sementara waktu admin akan memakai moderasi komentar