Paparahuan

paparahuan
Di hiji talaga aya manuk manintin keur paparahuan jeung tunggeu. Parahuna cangkang bonteng suri anu gede sabeulah. Soloyong ka ditu, soloyong ka dieu. Duanana teu eureun-eureun ngarawih patembalan:
Tin, tin, manintin
Gengngng !
Katenjoeun ku caladi kundang. Manehna kabitaeun. Tuluy nyarita, “Milu, Tin, paparahuan!”
Tembal manuk manintin,”Heug bae, ngan ulah noktrok parahu, bisi kalebuh!”
“Moal atuh, Tin, piraku kuring oge.”
Clak caladi kundang teh tumpak. Ayeuna mah tiluan anu ngawihna:
Tin, tin, manintin
Toroktok, tok
Gengngng!
Edas aya ngareunah, mani kawas degung bae. Kapanggih ku anak monyet.
“Euleuh, moal teu resep paparahuan, nya. Kuring milu, Tin!”
“Heug bae, ngan ulah dikokos parahuna, bisi kalebuh!”
“Moal atuh, kira-kira kuring oge!”
Clak anak monyet teh tumpak.
Ayeuna mah opatan nu ngawihna:
Tin, tin, manintin
Toroktok, tok
Nguuuk
Ngengngng!
Lila-lila monyet teh lapareun tayohna, parahu teh disegetan sisina. Atuh kerelep bae kalebuh.
Anak monyet kekerebekan, lep bae titeuleum. Ari anu sejen mah saralamet, da barisaeun hiber.

Sumber: Ki Umbara, 1983, Torotot Heong, Bandung: Rahmat Cijulang

Komentar