Seuhah, lata, lata !


monyet jeung kuya

Sakadang Kuya keur moyan di sisi cai.  Dicalukan ku Sakadang Monyét, “Sakadang Kuya !”
“Kuk !”
“Urang ngala cabé, yu !”
“Ah, sieun ku Aki Tani.”
“Tong sieun ! Wayah kieu mah Aki jeung Nini Tani tara aya di luar.”
“Hayu atuh, tapi ulah gareuwah. Bisi kadéngéeun ku Aki Tani.”

Tuluy Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét arasup ka kebon. Cabéna geus bareureum, arasak.
Am, Sakadang monyét ngahuapkeun hiji. Dicapék. Ladaeun. Monyét ngagorowok, “Seuhah ! Lata ! Lata ! Seuhah, Seuhah !”
“Répéh atuh ! ulah ngécéblék ! Bisi kadéngéeun ku Pa Tani,” cék Sakadang Kuya.
“Seuhah,  lata,  lata ! Seuhah, lata-lata!” Jol Aki Tani.
Kek Sakadang Kuya ditéwak. Ari Sakadang Monyét mah kabur.
Sakadang Kuya diasupkeun kana kurung.
“Isukan urang peuncit,” ceuk Aki Tani ka Nini Tani.
Peutingna Sakadang Monyét nyampeurkeun kana kurung, Ceuk Kuya,”Tah kabeneran Sakadang Monyét datang. Isukan ulah teu kadieu, nya !”
“Na aya naon ?”
“Apan dewék isuk rék dikawinkeun ka anak Aki Tani. Nu matak ayeuna dikurungan. bisi minggat. Mun minggat éra ku tatangga, cenah. Rék ngawinkeun teu tulus, da panganténna minggat.”
“Ganti baé atuh silaing ku déwék mah leuwih pantes. Aki Tani tangtu leuwih atoheun.”
“Hég baé ari hayang jadi minantu Aki Tani mah. Tapi déwék alungkeun heula ka leuwi.”
Sakadang kuya dikaluarkeun tina kurung ku Sakadang Monyét. Tuluy dialungkeun ka leuwi.
Sakadang Monyét ngurungan manéh.
Isukna Nini Tani nanya ka Aki Tani, “Geus diasah bedog téh? Pan rék meuncit kuya téa.” Kadéngéeun ku Sakadang Monyét. Pikirna, “Geuning rék dipeuncit. Lain rék dikawinkeun.”
Tuluy Sakadang Monyét ngagolér, papaéhan.
Aki Tani ambek, lantaran Sakadang Kuya leupas. Nu aya bet monyét paéh. Ku Aki Tani Sakadang Monyét téh keleweng dialungkeun ka kebon. Berebet Sakadang Monyét lumpat ka sisi leuwi. Pucunghul Sakadang Kuya ti jero cai. Kuya nanya bari seuri, “Kumaha, Sakadang Monyét, tulus dikawikeun téh?”
Jawab Sakadang Monyét, “Bororaah, kalah ka rék dipeuncit. Untung boga akal papaéhan.” 


Sumber: Sanusi A, 1994, Nani Resep Maca Jilid 3, Bandung: Yayasan Siger Tengah 

Komentar

Posting Komentar

Bagi Kawan-Kawan Mohon untuk tidak memberikan Komentar SPAM, hal ini untuk kita bisa saling menghargai....
Untuk Sementara waktu admin akan memakai moderasi komentar