Sakadang Kuya Boga Suling


Sakadang Kuya boga suling, dijieuna tina tulang maung. Nyieuna dibantuan ku Caladi, Bangbara jeung Sireupeun.

Unggal poé Sakadang Kuya norotot baé niup sulingna. Dilagukeun, kieu:

Tré trot, trét trot,
Suling aing tulang maung,
Ditoktrokan ku caladi,
Diliangan ku bangbara,
Dipasieun ku sireupeun.
Torotot héong ! torotot héong !

Sakadang Monyét kabitaeun pisang ku suling Sakadang Kuya. Omong Monyét, “Cing, nginjeum sakeudeung, Sakadang Kuya!”

Jawab Kuya, “Ah..., ulah bisi dibawa kabur. Manéh mah sok deleka.”

“Moal..., moal dibawa kabur. Piraku atuh,” ceuk monyét.

“Sakeudeung baé, Pék tah buntut déwék gégél.” Ceuk Monyét keneh

“Heug atuh, tapi sakeudeng baé,” Ceuk Kuya.

Gep buntut monyét téh digégél. Sulingna dibikeun.

“aduh...,” monyét ngajerit.

”Ulah palebah dinya ngégélna. Nyeri, urut bisul. Rada ka handap saeutik.” Ceuk monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Aduh...., kurang tungtung. Raheut palebah dinya mah, “ ceuk Sakadang Monyét.

Kuya ngégélna pindah deui ka béh tungtung.

”Kahandap deui saeutik!” gorowok Monyét.

Sot baé lésot.

Deregdeg monyét lumpat. Gajleng kana tangkal. Tuluy sulingna ditiup. Dilagukeun, saperti tadi baé:

Tré trot, trét trot,
Suling aing tulang maung,
Ditoktrokan ku caladi,
Diliangan ku bangbara,
Dipasieun ku sireupeun.
Torotot héong ! torotot héong !

Sakadang kuya ceurik. Lebareun ku sulingna. Kaduhungeun ongkoh, percaya ka nu sok julig.

Keur kitu lar Sakadang Keuyeup ngaliwat.

“Sakadang Keuyeup! Kuring tulungan. Suling kuring dibawa kabur ku Sakadang Monyét. Tuh keur ditiup di luhur. Engké diburuhan munding sarakit. Da bisa naék di dinya mah.” Ceuk Kuya.
Keuyeup ngarayap ka luhur. Celetit buntut Sakadang Monyét dicapit.

“aduh...!” Sakadang Monyét nyeurieun sarta reuwaseun. Pluk sulingna ragrag. Dicokot ku Sakadang Kuya.

Keuyeup balikna nuntun munding sarakit. Tapi tonggongna katincak munding. Untuk dina leutak. Nepi ka ayeuna  tonggong keuyeup rada dekok. Urut katincak munding.

Sumber: A. Sanusi. 1994. Nani Resep Maca 3. Bandung: Yayasan Siger Tengah

Komentar

Posting Komentar

Bagi Kawan-Kawan Mohon untuk tidak memberikan Komentar SPAM, hal ini untuk kita bisa saling menghargai....
Untuk Sementara waktu admin akan memakai moderasi komentar