NYI BUNGSU RARANG


Jaman baheula aya tujuh sadulur, awewe wungkul. Geus teu bogaeun indung bapa, da geus maraot.
Nu genepan mah geus baroga imah sorangan, tur alus, hirupna sareng sarenang. Tapi ari nu bungsu mah hirupna miskin, da teu dibagi warisan.

Warisan teh ngan dibagi ku genep bae, si bungsu mah cicingna ge nyiruruk di imah butut. Nu bungsu teh ngarana Nyi Bungsu Rarang. Teu dialakuran ku dulur ku lanceuk-lanceukna teh, ta eta miskin. Di anggap bujang wae, sok dititahan nutu, nyangu, macul. Tapi tara diburuhan. Kalah sok pada nyarekan atuh nyi Bungsu Rarang teh sediheun pisan.

Dina hiji poe Nyi Bungsu Rarang teh manggih anak Lauk Emas ti sisi susukan. Tuluy diingu tuluy diwadahan dina batok. Unggal poe sok diparaban bakatul.
Anak lauk teh ngagedean. Ku Nyi Bungsu Rarang dipindahkeun kana balong tukangeun imahna. Nyi Bungsu Rarang kacida nyaaheunana ka eta lauk teh tuluy dingaranan, ngarana Si Leungli.

Si Leungli beuki lila beuki gede parab na oge ayeuna mah bubur. Unggal poe Nyi Bungsu Rarang sok mubur tuluy ka sisi balong ari marabna sok di kawihan bari diuk dina batu lempar.
Kieu ngawihna teh:

Leungli, Leungli, Leungli, Leungli
Mere bubur pare alus
Ditapi dina parahu
Ditapi ku nyiru gading
Diwadahan talem kuning

Mun geus tamat nagwihna, geboy-geboy Si Leungli datang. Tuluy nyokcrokan bubur tina leungeun Nyi Bungsu. Ku Nyi Bungsu hulu si Leungli sok diusapan, bangun nyaaheun pisan.

Kacaritakeun lanceuk-lanceukna, sok ngintip kana sagala kalakuan Nyi Bungsu Rarang. Maranehanana saririkeun, pedah Nyi Bungsu Rarang boga lauk gede. Tuluy wae baradami, lauk teh rek dipaling.

Dina hiji poe Nyi Bungsu indit rada jauh, rek balangsiar. Dulur-dulurna nu genep gancang arindit ka balong tukangeun imah Nyi Bungsu Rarang. Nu saurang geus sadia nyenyekel bedog seukeut.

Lanceukna nu cikal nurutan Nyi Bungsu Rarang nyalukan Si Leungli, bari kakawihan:

Leungli, Leungli, Leungli, Leungli
Mere bubur pare alus
Ditapi dina parahu
Ditapi ku nyiru gading
Diwadahan talem kuning

Si Leungli teu nyahoeun, yen nu ngageroan teh lain Nyi Bungsu. Atuh tuluy wae muncul. Barang pucunghul, ujug-ujug gejrog wae dikadek ku bedog. Si Leungli ngoleab, huluna baloboran getih, tuluy wae kunu genepan teh diala, digusur ka imahna. Mani beurat, da Si Leungli gede pisan, sagede orok.
Kacaritakeun Nyi Bungsu Rarang kakara datang tas balangsiar.
Gancang wae mubur keur Si Leungli. Sanggeus asak, tuluy di bawa ka sisi balong, pek ngawih nyalukan Si Leungli.

Leungli, Leungli, Leungli, Leungli
Mere bubur pare alus
Ditapi dina parahu
Ditapi ku nyiru gading
Diwadahan talem kuning

Tapi Si Leungli teu daek muncul. Atuh prak Nyi Bungsu Rarang ngawih deui. Tapi Si Leungli angger teu muncul.
Sababaraha kali Nyi Bungsu Rarang ngawih, nepi ka sorana peuyeuh.
Barang ngareret ka juru balong, breh wae tapak suku mani ledug jeung getih ucrat-acret. Teg wae Nyi Bungsu nyangka tangtu Si Leungli aya nu ngala.
Tulu wae Nyi Bungsu Rarang indit ka imah lanceuk-lanceukna, nanyakeun Si Leungli. Ku lanceuk-lanceukna pada nyarekan, bari diusir.
Ari keur kitu, aya hayam bikang kokotak. Kieu kokotakna:

Kotak, kotak dongklak,
Hulu Si Leungli di para sandak.

Lanceuk-lanceukna Nyi Bungsu rareuwaseun, tuluy wae hulu Si Leungli dipindahkeun kana pariuk. Tapi hayam bikang teh kokotak deui:

Kotak, kotak dongklak
Hulu Si Leungli dina pariuk.

Atug gancang hulu Si Leungli dipindahkeun deui kana handapeun dulang. Tapi hayam teh kokotak deui:

Kotak, kotak dongklak,
Hulu Si Leungli handapeun dulang.

Bakating ku keuheul, hulu Si Leungli teh ku lanceukna dibalangkeun ka hareupeun Nyi Bungsu Rarang, bari ngomong: “Kop tah lebok ku sia!”.
Ku Nyi Bungsu Rarang, hulu Si Leungli dirontok bari diceungceurikan, tuluy dibawa ka imahna. Pek dibungkus dihade-hade. Tuluy dikubur handapeun bangku tempat Nyi Bungsu sare.
Lila-lila, tina kuburan Si Leungli bijil tangkal. Beuki lila eta tangkal beuki luhur. Eta tangkal teh kacida ahengna. Daunna perak mani harerang, tangkalna emas mani ruhay. Ari buahna berlian mani babaralakan.
Sakali mangsa, buah berlian teh ujug-ujug pung wae ngapung sasiki. Ka mana nya ngapungna? Horeng teh ka karaton raja.

Pluk murag payuneun raja pisan. Atuh raja teh teu kinten kageteunana. Buah teh dicandak ku anjeunna.
Saurna, “Ieu buah teh ti mana, nya? Mana alus-alus teuing. Yu patih, urang teangan, ti mana asalna!”
Terang wae raja teh angkat, tunggang kuda milarian tangkal berlian tea. Teu lila, sumping wae ka imah Nyi Bungsu Rarang. Kabeneran Nyi Bungsu Rarang keur aya. Ku raja dipariksa ti mana boga tangkal nu sakitu ahengna.

Ku Nyi Bungsu Rarang didongengkeun lalakon Si Leungli teh.
Raja hawatoseun ka Nyi Bungsu Rarang. Teras wae Nyi Bungsu dicandak ka karaton. Tangkal emas oge dicandak deuih, dipelakkeun di taman di payuneun karaton.
Lami-lami, Nyi Bungsu Rarang ditikah ku raja, didamel prameswari.
Lanceuk-lanceukna Nyi Bungsu Rarang kaduhungeun, baheula galak ka Nyi Bungsu Rarang. Tuluy arindit ka karaton, menta dihampura ka Nyi Bungsu Rarang.
Ku Nyi Bungsu Rarang dihampura sarta dibarere pakean jeung perhiasan. Lanceuk-lanceukna ayeuna jadi balageur, jadi nyaraah ka nu miskin

Komentar