Di sisi leuweung deukeut walungan aya imah leutik, pamatuhan Aki jeung Nini Balantrang. Najan imah di sisi leuweung jeung deukeut ka walungan tur jauh ka pilemburan. Maranehna baretah bae da puguh geus ti baheulana mula. Ari pagawean Aki jeung Nini Balantrang taya lian ti ngahuma, susumpit ka leuweung jeung ngala lauk ka walungan.
Dina hiji mangsa si Aki jeung si Nini rebun-rebun indit ka walungan rek neang bubu anu geus sabaraha minggu ditaheunkeun, kusabab peutingna si Nini ngimpi, aya bentang anu asup kana bubu. Barang tepi ka walungan, si Nini jeung si Aki manggihan kandaga anu ngait kana catang, geuwat bae eta kandaga teh diangkat sarta tuluy dibuka. “ambuing-ambuing ……..! Aki, naha teu salah tetempoan urang teh?” Si Nini olohok mata simeuteun. “Nini, boa ieu bentang teh! Si Aki rampang reumpeung kasima liwat saking.
Si Aki jeung Si Nini kacida bungaheunana, sabab eusi eta kandaga teh nyaeta orok anu kacida lucuna jeung hiji endog hayam anu gede pisan, anu eta orok dingaranan Ciung Wanara. Beuki lila orok beuki gede, dedeg pangadeg jeung sorot matana beda jeung kalolobaan rahayat biasa, beuki gede teh mingkin katempo menakna, sakitu taya nu ngawarah tapi rengkak paripolahna teh beda jeung kabiasaan urang lembur. Sedengkeun endog anu aya dina jero kandaga disileungleumkeun tepika megarna sarta jadi hayam jago anu boga kaistimewaan bisa kongkorongok tarik, malahan kakupingna jiga nu keur ngomong.
Dina hiji poe nalika Ciung Wanara balik ti walungan, manehna manggihan Aki jeung Nini Balantrang keur ceurik, sarta hareupeunana aya aki-aki. “Aki ...Nini .... kunaon careurik?”, Ciung Wanara reuwas kacida. “Incu ....Nini jeung Aki ngarasa bungah, geuning kulawarga hidep teh masih araya, Ki Lengser anu mawa beja pikabungaheun teh”. Ceuk Nini bari nunjuk ka aki-aki anu titatadi cicing wae.
Saterusna Ki Lengser anu titatadi cicing, nyaritakeun satarabasna ngeunaan Ciung Wanara anu ngarupakeun katurunan raja nu dipiceun ka walungan ku indung terena, Dewi Pangrenyep, ku sabab sieun Ciung Wanara jadi raja. “Aki, Nini, naha bener anu dicaritakeun ku Ki Lengser teh?” Ciung Wanara semu anu teu percaya.”Bener pisan incu, geuwat ayeuna mah geura tepungan indung jeung dulur-dulur hidep!” tembal Aki dumareuda.
Isukna Ciung Wanara dibarengan ku Ki Lengser indit ka Galuk Pakuan, samemehna Ciung Wanara manggihan heula indungna. Dewi Naga Ningrum anu disumputkeun di hiji leuweung ku sabab rek dipaehan ku Barma Wijaya jeung ku Dewi Pangrenyep.
Nalika Ciung Wanara tepi ka Karajaan Galuh Pakuan, Barma Wijaya anu diangkat raja ku Prabu Permana Dikusuma keur ngayakeun pesta adu hayam karesepna, sabab manehna boga hayam jago anu sok unggul dina unggal jajaten. Harita ge hayam jagona terus-terusan meunang can aya anu bisa ngelehkeun. “Ha ... ha ... ha ... moal aya anu bisa ngelehkeun hayam jago kaula tepika iraha oge!”. Pokna sombong. Sabat raja keur susumbar, “Kongkorongok ......... kongkorongok ...... kaula si Jago anu sakti, anu ngabela anak raja mahkota Galuh ti raja durjana ......... kongkorongok ......... kongkorongok ......... sora hayam jago mani tarik tur jentre.” Hayam saha eta, kumawani ngahina ka kaula?” Raja Barma Wijaya kacida ambekna.
Ciung Wanara anu geus aya ti tatadi, buru-buru nyampeurkeun sarta nantang sangkan hayam jago raja diadukeun jeung hayam jago milikna anu tadi kongkorongok. Raja nyanggupan kana panangtangna Ciung Wanara. Dina hiji kasempetan hayam jago Ciung Wanara ngabintih kana mamarasna hayam raja tepika paehna.
Ninggali hayam jagona teu usik deui Raja Barma Wijaya kacida ambekna.” Hey budak ngora sabenerna saha anjeun kumawani ngelehkeun hayam kaula?”. Ciung Wanara maju ka tengah pakalangan, ku sora anu tarik manehna nyaritakeun sakabeh kajahatan anu dilakukan ku Barma Wijaya jeung Dewi Pangrenyep ka Dewi Naga Ningrum.
Beungeut Barma Wijaya jeung Dewi Pangrenyep pias saharita keneh, maranehna teu nyangka bakal aya anu ngabongkar kajahatanana.”Naon bukti kajahatan kami?”, Dewi Pangrenyep ngabela diri. Ciung Wanara ngeprokkeun dua leungeunna. Teu kungsi lila Dewi Ningrum, Ki Lengser, Aki jeung Nini Balantrang kaluar ti tengah-tengah karamean rahayat Galuh Pakuan. “Sakabeh Rahayat Galuh Pakuan, Ciung Wanara anak kaula. Basa dilahirkeun, Ciung Wanara dipalidkeun ka walungan ku Dewi Pangrenyep ku sabab sieun Karajaan Galuh Pakuan ragrag ka Ciung Wanara. Sedengkeun Barma Wijaya nitah ka Ki Lengser sangkan maehan kaula, ku kanyaah jeung kasatiaan ki Lengser, kaula disumputkeun di leuweung, sarta bebeja yen kaula geus ditelasan.” Dewi Naga Ningrum cumarita panjang lebar.
Ceuk ujaring carita, Barma Wijaya jeung Dewi Pangrenyep meunang hukuman satimpal alatan perbuatanana. Sedengkeun Dewi Naga Ningrum tumetep di Karajaan Galuh Pakuan sarta ngabagi Galuh jadi dua bagian. Ciung Wanara kabagean Nagara Galuh anu diwates ku Walungan Citarum ka belah kaler, sedengkeun Arya Banga dulur pateterean Ciung Wanara ti Dewi Pangrenyep kabagean Nagara Sunda anu diwates ku Walungan Citarum ka belah kidul. Duanana jadi raja anu dipicinta ku rahayatna.
Komentar
Posting Komentar
Bagi Kawan-Kawan Mohon untuk tidak memberikan Komentar SPAM, hal ini untuk kita bisa saling menghargai....
Untuk Sementara waktu admin akan memakai moderasi komentar