GARA-GARA TUTUT


Mang Udin aslina urang Sindangsari, ngan geus lila cicing di Bandung, bubuhan ngilu gawe, aya nu mawa ti lemburna. Ayeuna mang Udin gawe na geus aya kamajuan malah mah geus boga pamajikan ka urang Bandung, budakna boga dua sajodo, awewe hiji lalaki hiji.
Mang Udin balik ka lembur na the lamun aya libur di kantorna atawa ari lebaran puasa.

Kacaritakeun dina hiji waktu, dina liburan Idul Fitri, mang Udin sakulawarga balik ka lemburna, ayeuna mah disebut na ge lain balik meureun, nganjang ka indung na (kolotna). Mang Udin tara lila nganjang na teh paling lila 3 atawa 4 peuting. Harita ge ngan 4 peuting mang Udin di lemburna teh. Ari indit ti Bandung mah ukur pamajikana jeung budak-budak na. Ari balik mah meni pinuh mobil na teh da eta sok loba nu hayang ngilu, aya adi na, amang na jaba babawaan meni sagala dibawa, maklum ti lembur.
Di antara nu ngilu teh nya eta aya mang Amid sakulawarga, mang Amid teh rek nganjang ka anak na nu di Bandung, jadi ka mang Udin mah ngadon nebeng di jalan wungkul. Ari imah anak na mang Amid teh samemeh lembur mang Udin jadi kaliwatan mun rek ka mang Udin mah.
Mang Udin sakulawarga nepika imah na jam 11 peuting, babawaan atawa oleh-oleh nu ti lembur tea buru-buru weh disimpen di dapur teu ditolih da cape tea. Mang Udin sakulawarga langsung sare,
 Kacaritakeun isukna, istri mang Udin pangheulana hudang, terus ka cai, ngaliwatan dapur. Barang nepi ka dapur, istri mang Udin kacida rewasna meni reup geuneuk ray pias, tuurna nyorodcod bakating ku rewas, sabab di dapurna geus pinuh ku tutut diluhur dihandap, meni hese nincak, istri mang Udin balik deui ka kamar bari hariweusweus ngageuingkeun mang Udin.
Mang Udin ge sarua rewas na, buru-buru hudang ningali ka dapur. Ari breh teh bener we dapur na pinuh ku tutut. Tuur mang Udin ngalaleper, istrina ngarumpuyuk. Geus rada lila mang Udin sadar, terus ngajak istrina nepungan Pa Kiyai Husen bumi na teu jauh ti imah mang Udin, barang tepi kabumi Pa Kiyai, langsung wae mang udin teh nyaritakeun kajadian aneh di imah na nu matak pikarewaseun. Ceuk mang Udin sieun aya jurig nu nyiliwuri, sieun aya setan nu marakayangan, sieun aya nu jail ka dirina katut kulawargana. Saur pa kiyai teh enya cenah urang jiad ku mama.
Tidinya pa kiyai ka kamarna, ku mang Udin ditungguan aya saparapat jam, pa kiyai kaluar ti kamarna bari nyandak cai dina botol. Hayu cenah, ka mang Udin ngajak, urang jeung mama ka bumi mang udin, panasaran mama hayang ningali cenah.
Mang Udin katut pa kiyai tos dugi ka nu dituju. Barang breh ningal dapur mang Udin, pa kiyai gumecrek teu reureuh-reureuh bari tuluy nyareatan tutut nu ngalayah tea. Lambey pa kiyai hantem gegerenyeuman, pananganana terus ngepretan tutut ku cai menang ngajiad tea. Tidinya mah pa kiyai miwarang istri mang Udin ngabersihan dapur, “sok atuh nyai ayeunamah beresihan, tutut na tos ditaklukeun ku mama, moal moal nanaon. Amanlah !” kitu saur pa kiyai teh.
Bari ngadaregdeg istri mang udin nyapukeun tutut, diberesihan. Nya akhirna mah dapur mang udin teh beresih deui. Tutut na ku pa kiyai dipiceun ka sawah, tukangeun imah mang Udin, lumayan rada jauh anggang.
Kira-kira jam 10 beurang jol mang Amid datang, “Din, Udin!” cenah gegeroan. “aya naon mang?” ceuk mang Udin.
Kamari, amang mawa tutut ti lembur teh, keur buru-burueun Si Nyai, sabab karesepna, bisi tingleun diditu atawa sugan aya didieu tingaleun dina mobil.” Ceuk mang Amid ka mang Udin.”
“Na ari amang!” tembal mang Udin, bari nyerengeh, ari ras inget ka na tutut nu ngalayah di dapurna. Meureun eta teh tutut mang Amid, dasar!.
“Kadieu geura mang, ka jero urang ngopi bari ngobrol lalakon tutut.” Ceuk mang Udin, bari ngagalakgak seuri. Lucu cenah.   

Komentar